Saturday, September 14, 2013

BUBAT

Maha Prabu ulah waka jengkar
Dada kula tacan bencar
Citraresmi geura susutan cisoca
Hate urang tina waja
Wadyabalad montong lumpat
Tepi ka nyawa paragat
Getih sunda nyaliara
Beureumna cadu panghina
Baeu senapati nu belang ati
Bisi rek nyoba jajaten
Dampal leungeun anepaken



Hikmat Sadkar

PANGJAJAP

Nyukcruk catur juru pantun
Ngaguar carita buhun
Nu diteundeun urang sampeur
Nu ditunda urang ala
Masing rambay caritanaleut
Hejo lembok lalakona
Ahung

Pun sampun ka maha agung
Ka manggung neda papayung
Kuring nu diajar ngidung
Nya ngidung carita pantun
Ngajujut carita buhun
Ngahudang carita anyar

Da puguh gapuring catur
Ngembat papatan carita
Mulung ku jalan sorangan
Ti mendi pipasinieun
Ti mana picaritaeun
Netep mah di kahiyangan

Lulurung tujuh ngabandung
Kadalapan keur disorang
Salapan heuleut-heuleutan
Sapuluh rajabantala
Ana jleg teh dibuktikeun
Cupu manik astagina

Dituruban ku mandepun
Diwadahan ku mandeuar
Diamparan boeh rarang
Ditunda di bojong jalan
Ahung

Kapendak ku nu ngaliwat
Dibuka ku nu bujangga
Ku nu rancage dihate
Dibuka patinghaleuang
Dibuka pating daleungdang
Rasa milawung kancana
Nu hayang dilalakonkeun
Ahung

Dipupuhkeun dina kidung
Disungkung ku kakawihan
Mangka datang dangiangna
Lumungsur ti kahiyangan

Galindeng bujangga sakti
Heas tetesan dewata
Ketip titisan pohaci
Senggol banyu hadap konang

Sumerah miraga tineung
Pungkas pangjajap carita
Kembang ligar langgeng jaya
Wangi asri sabuana nusantara
Ahung

Monday, June 18, 2012

Ngaran Anak Sasatoan



Anak anjing : kirik/kicik

Anak bagong : begu

Anak bandeng : nanar

Anak banteng : bangkanang

Anak bangbung : kuuk

Anak bangkong : buruy

Anak belut : kuntit

Anak bogo : cingok

Anak boncel : bayong

Anak buhaya : bocokok

Anak deleg/gabus : boncel/kocolan/kokocolan

Anak entog : titit

Anak embe : ceme

Anak gajah : menel

Anak hayam : ciak/pitik

Anak japati : piyik

Anak kancra : badal

Anak keuyeup : bonceret

Anak kuda : belo

Anak kukupu : hileud

Anak kutu : kuar

Anak lancah : aom

Anak lauk : kebul/burayak

Anak lele : nanahaon

Anak lubang : leungli

Anak maung : juag/aum

Anak meri : titit

Anak monyet : begog

Anak munding : eneng

Anak reungit : utek-utek

Anak sapi : pedet Anak ucing : bilatung

Rupa-Rupa Wangunan Imah Sunda Buhun



Badak heuay : potongan wangunan saung anu teu make wuwung, pasambungna hateup tukang jeung hareup saperti badak keur heuay

Capit gunting : potongan wangunan imah anu tungtung suhunanana make awi atawa kai dicagakkeun kawas gunting rek capit

Julang ngapak : potongan wangunan imah nu di hareup jeung di tukangna make sorondoy kawas jangjang julang keur ngapak

Suhunan jolopong : potongan wangunan imah anu suhunananangajolopong manjang, sok aya nu nyebut oge suhunan panjang atawa gagajahan

Tagog anjing : potongan wangunan saung anu meh samodel jeung potongan badak heuay ngan tungtung usukna patepung jeung tungtung usuk nu hareup, jadi wangunna ngeluk, kawas anjing keur nagog atawa keur jogo, sok aya nu nyebut oge jogo anjing

Ngaran Babagian Imah



Abig/ampig : bilik juru tilu dina pongpok leuit atawa pongpok imah

Balandar : sarupa balok wangunna pasagi opat dipasangdi luhur kuda-kuda pikeun nahan usuk dina rangka hateup

Bilik : pipinding imah nu di jieun tina anyaman awi nu meunang ngahuaan

Golodog : tetecean atawa tangga paranti unggah atawa turun ti imah (imah panggung)

Hateup : tutup imah di luhur sangkan iuh atawa ulah asup cihujan, dijieun tina daun eurih, daun kiray, daun sadang atawa daun kalapa

Jandela : lawang angin atawa cahaya dina bilik atawa dingding tembok nu bisa dibuka jeung ditutup cara panto

Kolong : rohangan di handapeun imah panggung

Lalangit : tutup rohangan imah beulah luhur (bagean para beulah handap)

Lincar : cemped (papan) rubak pikeun nutup bilik ti beulah luar, lebah darurung, atawa pikeun nutup tungtung darurung nu di hareup (dina imah panggung)

Kuda-kuda : balok kai nu dipasang dengdek anu nyambungkeun tihang adeg jeung pamikul

Pongpok : rohangan di sisi (handapeun suhunan) anu sok ditutup ku abig/ampig

Suhunan : bagean imah nu pangluhurna, ngujur manjang nurutkeun wangun imah

Wuwung : tutup hateup sapanjang sambungan suhunan, tempat patepungna kenteng/hateup dina puncak suhunan; wuwung sok dijieun tina seng, tembok, atawa tina injuk (dina imah di pasisian)

Amben : tepas imah panggung nu lantena tina palupuh

Tepas : emper, bagean imah panghareupna nu digemblangkeun, paranti narima semah, ngawangkong jeung tatangga, jsb

Patengahan : rohangan imah nu di tengah

Dapur/pawon : rohangan imah nu di tukang, paranti masak, jsb

Goah : rohangan (biasana di dapur) paranti nyimpen pabeasan, kadaharan, jsb

Pangkeng : kamar, rohangan imah paranti sare atawa barang simpen

Pakarangan : tanah sakurilingeun imah

Buruan : tanah hareupeun imah

Pipir : tanah tukangeun imah

Ngaran - Ngaran Patempatan



Alun-alun : tanah lapang (hareupeun kacamatan, kabupaten, jsb)

Babakan : lembur anyar, ngababakan=nyieun lembur anyar

Babantar : bagean walungan anu leah sarta deet

Bobojong : jojontor tanah anu nyodor ka cai (biasana di sisi walungan)

Bubulak : sarupa tegalan, tanah nu pinuh ku jukut nu aya di lamping gunung atawa di pasir

Dungus : ruyuk, rungkun, gundukan tatangkalan laleutik nu rada remet (di leuweung)

Huma : tanah darat (biasana di leuweung) nu dipelakan pare tur tara dikocoran cai

Jungkrang/jurang : legok anu jero sarta sisi-sisina gurawes

Karees : sisi walungan nu rea keusikan (mun di sisi laut, basisir)

Kebon : tanah darat nu dipelakan rupa-rupa pepelakan

Lamping : bagean gunung atawa pasir antara puncak jeung tutugan

Legon : bagean basisir anu ngelok ka darat, sarupa teluk ngan leuwih leutik

Lembur : kampung, tempat padumukan jelema nu rea imah

Leuwi : bagean walungan anu jero sarta biasana lega (rubak)

Monggor/momonggor : sarupa pasir ngan leuwih handap tur leuwih leutik

Muhara/muara : tungtung walungan di hilir, tempat patepungna walungan jeung laut atawa walungan leutik jeung walungan gede

Mumunggang/geger : bagean gunung pangluhurna (tonggong gunung)

Pasir : gunung leutik sarta handap

Reuma : tanah darat urut huma

Rorah : cai ngocor, sarupa susukan, ayana di leuweung

Sabang : tanah darat nu dihapit ku dua walungan

Sampalan : tegal di tengah leuweung tempat nyatuan sato jarah

Situ : sarupa balong ngan leuwih gede, leuwih lega (biasana walungan anu dibendung sok ngajanggelek jadi situ)

Somang : jurang gurawes sarta jero

Tanjung : jojontor, tanah anu nyodor ka laut

Tarikolot : tempat urut lembur, lembur narikolot = lembur nu tadina gegek imahna jadi corengcang, nu tadina haneuteun jadi tiiseun

Tegalan : tanah lega tur rata nu sabagean gede pinuh ku jukut wungkul

Teluk : bagean basisir anu ngelok ka darat (sabalikna tina tanjung)

Tepiswiring : sesebutan sejen keur pasisian atawa pilemburan

Tetelar : tanah datar di tengah sawah anu henteu kahontal ku cai, sok dipake pangangonan

Tutugan gunung : bagean gunung beulah handap (suku gunung)

Wahangan : walungan, cai gede nu ngocor ti girang ka muara; nu leuwih gede disebutna bangawan

Sunday, June 17, 2012

Ngaran Wangunan/Parabot Paranti Meuntas



Cukang : kai atawa awi saleunjeur atawa sababaraha leunjeur luhureun susukan, solokan atawa walungan leutik

Jambatan : wangunan anu ngahubungkeun dua sisi wahangan, dijieun tina kai atawa beusi

Jambatan gantung : jambatan nu make tihang pangdeudeul, siga rawayan ngan leuwih tohaga

Kurutug : sasak tina kai

Rawayan : sasak nu teu make tihang pangdeudeul (siga jambatan gantung)

Sasak : siga cukang ngan kaina/awina leuwih rea, luhurna aya nu sok make dadampar awi meunang nganyam kerep siga kikis

Eretan : parahu atawa rakit paranti meuntaskeun jalma, nu meuntaskeunana narik eta parahu/rakit ku cara mapay (muntangan) balantara, nya eta tambang, hoe, atawa kawat gede nu dipanteng ti sisi ka sisi wahangan