Saturday, September 14, 2013

BUBAT

Maha Prabu ulah waka jengkar
Dada kula tacan bencar
Citraresmi geura susutan cisoca
Hate urang tina waja
Wadyabalad montong lumpat
Tepi ka nyawa paragat
Getih sunda nyaliara
Beureumna cadu panghina
Baeu senapati nu belang ati
Bisi rek nyoba jajaten
Dampal leungeun anepaken



Hikmat Sadkar

PANGJAJAP

Nyukcruk catur juru pantun
Ngaguar carita buhun
Nu diteundeun urang sampeur
Nu ditunda urang ala
Masing rambay caritanaleut
Hejo lembok lalakona
Ahung

Pun sampun ka maha agung
Ka manggung neda papayung
Kuring nu diajar ngidung
Nya ngidung carita pantun
Ngajujut carita buhun
Ngahudang carita anyar

Da puguh gapuring catur
Ngembat papatan carita
Mulung ku jalan sorangan
Ti mendi pipasinieun
Ti mana picaritaeun
Netep mah di kahiyangan

Lulurung tujuh ngabandung
Kadalapan keur disorang
Salapan heuleut-heuleutan
Sapuluh rajabantala
Ana jleg teh dibuktikeun
Cupu manik astagina

Dituruban ku mandepun
Diwadahan ku mandeuar
Diamparan boeh rarang
Ditunda di bojong jalan
Ahung

Kapendak ku nu ngaliwat
Dibuka ku nu bujangga
Ku nu rancage dihate
Dibuka patinghaleuang
Dibuka pating daleungdang
Rasa milawung kancana
Nu hayang dilalakonkeun
Ahung

Dipupuhkeun dina kidung
Disungkung ku kakawihan
Mangka datang dangiangna
Lumungsur ti kahiyangan

Galindeng bujangga sakti
Heas tetesan dewata
Ketip titisan pohaci
Senggol banyu hadap konang

Sumerah miraga tineung
Pungkas pangjajap carita
Kembang ligar langgeng jaya
Wangi asri sabuana nusantara
Ahung