Kiwari nitih wanci, lalaki pajajaran, hudang berjuang gandang pertentang, gulung tangan tandang deui..ayeuna datang mangsa, lalaki pajajaran, gulung tangan tandang deui, ajeg samakta deui..ragasukma pinuh tangtungan ageman, kula datang gaganti nu lawas mulang, demi ajen galeuh ageung pajajaran
Monday, June 18, 2012
Ngaran Anak Sasatoan
Anak anjing : kirik/kicik
Anak bagong : begu
Anak bandeng : nanar
Anak banteng : bangkanang
Anak bangbung : kuuk
Anak bangkong : buruy
Anak belut : kuntit
Anak bogo : cingok
Anak boncel : bayong
Anak buhaya : bocokok
Anak deleg/gabus : boncel/kocolan/kokocolan
Anak entog : titit
Anak embe : ceme
Anak gajah : menel
Anak hayam : ciak/pitik
Anak japati : piyik
Anak kancra : badal
Anak keuyeup : bonceret
Anak kuda : belo
Anak kukupu : hileud
Anak kutu : kuar
Anak lancah : aom
Anak lauk : kebul/burayak
Anak lele : nanahaon
Anak lubang : leungli
Anak maung : juag/aum
Anak meri : titit
Anak monyet : begog
Anak munding : eneng
Anak reungit : utek-utek
Anak sapi : pedet Anak ucing : bilatung
Rupa-Rupa Wangunan Imah Sunda Buhun
Badak heuay : potongan wangunan saung anu teu make wuwung, pasambungna hateup tukang jeung hareup saperti badak keur heuay
Capit gunting : potongan wangunan imah anu tungtung suhunanana make awi atawa kai dicagakkeun kawas gunting rek capit
Julang ngapak : potongan wangunan imah nu di hareup jeung di tukangna make sorondoy kawas jangjang julang keur ngapak
Suhunan jolopong : potongan wangunan imah anu suhunananangajolopong manjang, sok aya nu nyebut oge suhunan panjang atawa gagajahan
Tagog anjing : potongan wangunan saung anu meh samodel jeung potongan badak heuay ngan tungtung usukna patepung jeung tungtung usuk nu hareup, jadi wangunna ngeluk, kawas anjing keur nagog atawa keur jogo, sok aya nu nyebut oge jogo anjing
Ngaran Babagian Imah
Abig/ampig : bilik juru tilu dina pongpok leuit atawa pongpok imah
Balandar : sarupa balok wangunna pasagi opat dipasangdi luhur kuda-kuda pikeun nahan usuk dina rangka hateup
Bilik : pipinding imah nu di jieun tina anyaman awi nu meunang ngahuaan
Golodog : tetecean atawa tangga paranti unggah atawa turun ti imah (imah panggung)
Hateup : tutup imah di luhur sangkan iuh atawa ulah asup cihujan, dijieun tina daun eurih, daun kiray, daun sadang atawa daun kalapa
Jandela : lawang angin atawa cahaya dina bilik atawa dingding tembok nu bisa dibuka jeung ditutup cara panto
Kolong : rohangan di handapeun imah panggung
Lalangit : tutup rohangan imah beulah luhur (bagean para beulah handap)
Lincar : cemped (papan) rubak pikeun nutup bilik ti beulah luar, lebah darurung, atawa pikeun nutup tungtung darurung nu di hareup (dina imah panggung)
Kuda-kuda : balok kai nu dipasang dengdek anu nyambungkeun tihang adeg jeung pamikul
Pongpok : rohangan di sisi (handapeun suhunan) anu sok ditutup ku abig/ampig
Suhunan : bagean imah nu pangluhurna, ngujur manjang nurutkeun wangun imah
Wuwung : tutup hateup sapanjang sambungan suhunan, tempat patepungna kenteng/hateup dina puncak suhunan; wuwung sok dijieun tina seng, tembok, atawa tina injuk (dina imah di pasisian)
Amben : tepas imah panggung nu lantena tina palupuh
Tepas : emper, bagean imah panghareupna nu digemblangkeun, paranti narima semah, ngawangkong jeung tatangga, jsb
Patengahan : rohangan imah nu di tengah
Dapur/pawon : rohangan imah nu di tukang, paranti masak, jsb
Goah : rohangan (biasana di dapur) paranti nyimpen pabeasan, kadaharan, jsb
Pangkeng : kamar, rohangan imah paranti sare atawa barang simpen
Pakarangan : tanah sakurilingeun imah
Buruan : tanah hareupeun imah
Pipir : tanah tukangeun imah
Ngaran - Ngaran Patempatan
Alun-alun : tanah lapang (hareupeun kacamatan, kabupaten, jsb)
Babakan : lembur anyar, ngababakan=nyieun lembur anyar
Babantar : bagean walungan anu leah sarta deet
Bobojong : jojontor tanah anu nyodor ka cai (biasana di sisi walungan)
Bubulak : sarupa tegalan, tanah nu pinuh ku jukut nu aya di lamping gunung atawa di pasir
Dungus : ruyuk, rungkun, gundukan tatangkalan laleutik nu rada remet (di leuweung)
Huma : tanah darat (biasana di leuweung) nu dipelakan pare tur tara dikocoran cai
Jungkrang/jurang : legok anu jero sarta sisi-sisina gurawes
Karees : sisi walungan nu rea keusikan (mun di sisi laut, basisir)
Kebon : tanah darat nu dipelakan rupa-rupa pepelakan
Lamping : bagean gunung atawa pasir antara puncak jeung tutugan
Legon : bagean basisir anu ngelok ka darat, sarupa teluk ngan leuwih leutik
Lembur : kampung, tempat padumukan jelema nu rea imah
Leuwi : bagean walungan anu jero sarta biasana lega (rubak)
Monggor/momonggor : sarupa pasir ngan leuwih handap tur leuwih leutik
Muhara/muara : tungtung walungan di hilir, tempat patepungna walungan jeung laut atawa walungan leutik jeung walungan gede
Mumunggang/geger : bagean gunung pangluhurna (tonggong gunung)
Pasir : gunung leutik sarta handap
Reuma : tanah darat urut huma
Rorah : cai ngocor, sarupa susukan, ayana di leuweung
Sabang : tanah darat nu dihapit ku dua walungan
Sampalan : tegal di tengah leuweung tempat nyatuan sato jarah
Situ : sarupa balong ngan leuwih gede, leuwih lega (biasana walungan anu dibendung sok ngajanggelek jadi situ)
Somang : jurang gurawes sarta jero
Tanjung : jojontor, tanah anu nyodor ka laut
Tarikolot : tempat urut lembur, lembur narikolot = lembur nu tadina gegek imahna jadi corengcang, nu tadina haneuteun jadi tiiseun
Tegalan : tanah lega tur rata nu sabagean gede pinuh ku jukut wungkul
Teluk : bagean basisir anu ngelok ka darat (sabalikna tina tanjung)
Tepiswiring : sesebutan sejen keur pasisian atawa pilemburan
Tetelar : tanah datar di tengah sawah anu henteu kahontal ku cai, sok dipake pangangonan
Tutugan gunung : bagean gunung beulah handap (suku gunung)
Wahangan : walungan, cai gede nu ngocor ti girang ka muara; nu leuwih gede disebutna bangawan
Sunday, June 17, 2012
Ngaran Wangunan/Parabot Paranti Meuntas
Cukang : kai atawa awi saleunjeur atawa sababaraha leunjeur luhureun susukan, solokan atawa walungan leutik
Jambatan : wangunan anu ngahubungkeun dua sisi wahangan, dijieun tina kai atawa beusi
Jambatan gantung : jambatan nu make tihang pangdeudeul, siga rawayan ngan leuwih tohaga
Kurutug : sasak tina kai
Rawayan : sasak nu teu make tihang pangdeudeul (siga jambatan gantung)
Sasak : siga cukang ngan kaina/awina leuwih rea, luhurna aya nu sok make dadampar awi meunang nganyam kerep siga kikis
Eretan : parahu atawa rakit paranti meuntaskeun jalma, nu meuntaskeunana narik eta parahu/rakit ku cara mapay (muntangan) balantara, nya eta tambang, hoe, atawa kawat gede nu dipanteng ti sisi ka sisi wahangan
Ngaran Wangunan
Bagan : saung ranggon di laut, paranti pamayang ngala lauk (masangkeun sirib atawa jaring), di banten disebutna bagang
Balandongan : adegan saheulaanan pikeun narima semah; tempat kamonesan dinu kariaan
Bale : adegan wangunan
Bale bandung : tempat ngabandungan parentah raja
Bale desa : kantor pamong desa
Bale kota : kantor walikota
Bale watangan : kantor pangadilan
Bedeng : imah leutik atawa imah dipetak-petak pikeun pagawe leutik upamana bae imah kontrakan
Bedeng : tempat pabinihan karet, kopi, enteh, jsb
Elos : adegan anu biasana tara di bilikan sabudeurna, paranti nyimpen bahan piimaheun
Garduh : wawangunan leutik sisi jalan tempat ngajaga kaamanan atawa tempat pangreureuhan nu ngaronda
Gosali : adegan tempat digawe panday (tukang nyieun parabot tina beusi)
Imah : wangunan tempat pamatuhan jalma
Istal/gedogan : kandang kuda
Jobong : kamar atawa imah leutik nu nempel di imah batur
Jongko/kios : adegan pikeun tempat dagang
Karapyak : kandang munding atawa sapi
Kobong : kamar leutik
Langgar : adegan tempat salat atawa diajar ngaji
Leuit : wangunan paranti nyimpen pare
Lio : adegan paranti nyieun kenteng atawa bata
Masigit : adegan gede paranti salat
Masjid : adegan gede paranti salat
Pagupon : kandang japati
Paranje : kandang hayam
Ranggon : saung nu luhur pisan kolongna; saung nu aya di luhur kai paranti ngintip sato
Saung : adegan leutik di kebon, di huma, atawa di sawah, paranti reureuh patani
Saung lisung : saung paranti nyimpen lisung atawa paranti nutu
Sorondoy : wangunan leutik nu ditempelkeun ka imah, di pake nyimpen kai, parabot nyawah, jsb
Tajug : masjid leutik di pakampungan
Ngaran Patukangan
Anjun : tukang nyieun parabot tina taneuh
Bujangga : tukang nyieun/nulis carita
Candoli : tukang ngajaga pabeasan dinu kariaan (biasana awewe)
Gending : tukang nyieun parabot tina kuningan
Kabayan : tukang dititah ka ditu ka dieu
Kajineman : 1) mandor sakitan, 2) tukang ngajaga jinem (nu dihukum)
Kamasan : tukang nyieun parabot tina emas atawa perak
Kebojengkeng : tukang ngagusur padati
Kulaer : kusir anu tumpakna dina kuda kareta pangagung
Kuncen : tukang ngurus kuburan
Legig : tukang ngasruk dina pamoroan
Malim : tukang nalukkeun sasatoan
Maranggi : tukang nyieun landean jeung sarangka keris
Merebot : tukang nakol bedug
Nyarawedi : tukang ngagosok permata
Pakacar : bujang, juru laden
Palatuk : iber anu tumpak kuda saheulaeun pangagung
Paledang : tukang nyieun parabot tina tambaga
Palika : tukang teuleum (ngala lauk)
Pamatang : tukang moro (nu sok ngagunakeun tumbak)
Pamayang : tukang ngala lauk di laut
Panday : tukang nyieun parabot tina beusi
Paneresan : tukang nyadap
Paninggaran : tukang moro
Sarati : tukang ngusir gajah
Di cutat tina: Peperenian (kandaga, unak-unik, rusiah basa sunda) karangan Drs. Ahmad Hadi, Spk.
Ngaran Kekembangan
Kembang awi : eumbreuk
Kembang bako : bosongot
Kembang bawang : ulated
Kembang bolang : ancal
Kembang boled : tela
Kembang cabe : bolotot
Kembang cau : jantung
Kembang cengek : pencenges
Kembang cikur : jelengut
Kembang eurih : ancul
Kembang gedang : ingwang
Kembang genjer : gelenye
Kembang hoe : bubuay
Kembang honje : comrang
Kembang jaat : jalinger
Kembang jambe : mayang
Kembang jambu aer : lenyap
Kembang jambu batu : karuk
Kembang jarak : uing
Kembang jengkol : merekenyenyen
Kembang jeruk : angkruk/angkes
Kembang jotang : puntung
Kembang kadu : olohok
Kembang kalapa : suligar
Kembang peuteuy : pendul
Kembang kaso : curiwis
Kembang kawung : pengis
Kembang koneng : badul
Kembang kulur : pelepes
Kembang laja : jamotrot
Kembang leunca : pengit
Kembang limus : seleksek
Kembang lopang : cacas
Kembang muncang : rinduy
Kembang pare : ringsang
Kembang salak : sedek/gojod
Kembang sampeu : dingdet
Kembang taleus : ancal
Kembang tangkil : uceng
Kembang terong : moncorong
Kembang tiwu : badaus
Kembang waluh : alewoh
Dicutat tina : Peperenian (kandaga, unak-anik, rusiah basa sunda) karangan Drs. Ahmad Hadi, Spk
Subscribe to:
Posts (Atom)