Sunday, June 17, 2012

Ngaran Wangunan



Bagan : saung ranggon di laut, paranti pamayang ngala lauk (masangkeun sirib atawa jaring), di banten disebutna bagang

Balandongan : adegan saheulaanan pikeun narima semah; tempat kamonesan dinu kariaan

Bale : adegan wangunan

Bale bandung : tempat ngabandungan parentah raja

Bale desa : kantor pamong desa

Bale kota : kantor walikota

Bale watangan : kantor pangadilan

Bedeng : imah leutik atawa imah dipetak-petak pikeun pagawe leutik upamana bae imah kontrakan

Bedeng : tempat pabinihan karet, kopi, enteh, jsb

Elos : adegan anu biasana tara di bilikan sabudeurna, paranti nyimpen bahan piimaheun

Garduh : wawangunan leutik sisi jalan tempat ngajaga kaamanan atawa tempat pangreureuhan nu ngaronda

Gosali : adegan tempat digawe panday (tukang nyieun parabot tina beusi)

Imah : wangunan tempat pamatuhan jalma

Istal/gedogan : kandang kuda

Jobong : kamar atawa imah leutik nu nempel di imah batur

Jongko/kios : adegan pikeun tempat dagang

Karapyak : kandang munding atawa sapi

Kobong : kamar leutik

Langgar : adegan tempat salat atawa diajar ngaji

Leuit : wangunan paranti nyimpen pare

Lio : adegan paranti nyieun kenteng atawa bata

Masigit : adegan gede paranti salat

Masjid : adegan gede paranti salat

Pagupon : kandang japati

Paranje : kandang hayam

Ranggon : saung nu luhur pisan kolongna; saung nu aya di luhur kai paranti ngintip sato

Saung : adegan leutik di kebon, di huma, atawa di sawah, paranti reureuh patani

Saung lisung : saung paranti nyimpen lisung atawa paranti nutu

Sorondoy : wangunan leutik nu ditempelkeun ka imah, di pake nyimpen kai, parabot nyawah, jsb

Tajug : masjid leutik di pakampungan

No comments:

Post a Comment